:

1 Raja-raja 14

1

Hiji mangsa putra pameget Yarobam anu jenengan Abia teu damang.

2

Yarobam ngalahir ka geureuhana, "Nyai geura dangdan tuluy ka Silo, ka Nabi Ahia, anu bareto nyebutkeun yen Akang bakal jadi raja tea. Tapi kudu nyamar ngarah teu katangen.

3

Mawa roti sapuluh siki, kueh-kueh jeung madu sagoci keur kikintun. Taroskeun ka anjeunna kumaha kituh ieu si ujang teh geringna, tangtu ku anjeunna diwartoskeun."

4

Gasik geureuha Yarobam angkat ka Silo ka bumi Nabi Ahia. Eta nabi geus sepuh. Ku tina kasepuhanana socana geus teu ningali.

5

Tapi geus diuningaan ku PANGERAN yen bakal kasumpingan garwa Yarobam anu rek mundut pituduh perkara panyawat putrana. Pikeun ngawalerna oge geus diuningaan. Gancangna garwa Yarobam geus sumping, niron-niron awewe biasa.

6

Tapi barang keresek lebet ka lawang, ku nabi geus dihiap saurna, "Lebet Nyi Yarobam! Keur naon make nyamar? Ieu aya beja banget keur Nyai.

7

Popoyankeun ieu timbalan PANGERAN pikeun Yarobam, kieu, ‘Maneh teh ku Kami geus diangkat ti nu loba, dijieun raja nyangking umat Kami Israil,

8

dibere karajaan beunang Kami nyandak ti turunan Daud. Kari-kari maneh bet henteu kawas abdi Kami Daud anu sakitu sumujudna, sakitu tuhuna kana timbalan-timbalan Kami, taya karepna nu sejen salian ti ngalampahkeun pangersa Kami.

9

Sabalikna kalakuan maneh kacida dorakana, leuwih doraka ti batan raja-raja nu ti hareula. Maneh nonggongan ka Kami, nyundut amarah Kami ku nyieunan brahala jeung arca-arca keur sembaheun.

10

Mana kanyahokeun, kulawarga maneh ku Kami rek ditumpes. Turunan maneh lalaki, nu kolot, nu ngora keneh, kabeh rek dibasmi sing tumpur. Ahli-ahli maneh ku Kami bakal disapu kawas nyapukeun kokotor.

11

Satiap ahli Yarobam, paeh di kota bakal dihakan anjing, paeh di tegal bakal beak ku manuk gagak. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’"

12

Ahia terus keneh sasauranana ka garwa Yarobam, "Jig geura balik. Engke, barang ce Nyai nincak nagara, anak Nyai geus kereles manten.

13

Eta budak maotna bakal diceungceurikan ku sakumna bangsa Israil sarta bakal dikubur. Ngan eta saurang ahli Yarobam anu maotna bakal dikubur tur mayitna dipulasara, sabab ngan eta saurang anu ku PANGERAN Allah Israil kapendak hade.

14

Satuluyna PANGERAN bakal ngajenengkeun hiji raja sejen nyangking Israil, anu baris namatkeun raja turunan Yarobam.

15

Nagara Israil ku PANGERAN bakal dihukum, dioyag-oyag lir galagah ditarajang ku nyeotna walungan. Urang Israil ku Mantenna bakal dirabut ti ieu tanah anu sakieu hadena paparin Mantenna ka karuhun maranehna. Bakal diawurkeun mancawura ka peuntaseun Walungan Eprat, lantaran geus nyarieun arca-arca batari Asera, nyundut bebendu PANGERAN.

16

Urang Israil bakal dikantun ku PANGERAN, lantaran Yarobam migawe dosa sarta ngadosakeun Israil."

17

Bral garwa Yarobam mulih ka bumina di Tirsa. Kakara ge anjeunna ngadampal bangbarung, putrana geus kereles manten ngantunkeun.

18

Ku urang Israil dicaleungceurikan, tuluy dikurebkeun. Timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Nabi Ahia abdi-Na tinekanan.

19

Carita hal Raja Yarobam, hal perangna, hal ngarajaanana, kaungel dina kitab Babad raja-raja Israil.

20

Yarobam ngarajaanana dua puluh dua taun, tuluy pupus jeung dikurebkeun, digentos ku Nadab putrana jadi raja.

21

Ari Rehabam putra Suleman, mimiti jadi rajana teh dina yuswa opat puluh hiji taun. Ngarajaanana tujuh belas taun, di Yerusalem, kota anu ku PANGERAN dijungjung ti sakabeh wewengkon tanah Israil, jadi tempat paranti ngabakti ka Mantenna. Ari jenengan ibuna Naama, urang Amon.

22

Urang Yuda marigawe dosa, malah leuwih ti batan karuhunna, matak leuwih ngentab kana manah PANGERAN.

23

Nyarieun tempat-tempat parantina ngabarakti ka allah-allah palsu, ngadegkeun tugu-tugu batu jeung arca-arca Asera paranti maranehna maruja di puncak-puncak pasir jeung di handapeun tangkal-tangkal anu ngarunggunuk.

24

Nyucudna pisan di tempat ngabaraktina ka brahala teh lalaki awewe jararinah. Jadi kalakuan urang Yuda teh kacida ngerakeunana, cara kalakuan bangsa-bangsa anu ku PANGERAN geus dialusir ti eta tanah basa urang Israil rek mimiti asup ka dinya.

25

Dina taun kalima pamarentahan Rehabam. Yerusalem dirurug ku Raja Sisak ti Mesir.

26

Eta raja ngajabel dunyabrana anu aya di Bait Allah jeung di karaton. Kepeng-kepeng emas kenging Suleman ngadamel tea ge dijabel.

27

Ku Raja Rehabam digentos ku kepeng-kepeng tambaga, tuluy dititipkeun ka kapala-kapala tamtama anu ngajaraga gedong raja.

28

Unggal raja angkat ka Bait Allah, eta kepeng-kepeng tambaga teh dibawa ku para pangawal, sanggeusna tuluy dipulangkeun deui ka tempatna di kamar jaga.

29

Carita hal Raja Rehabam, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.

30

Antara Raja Rehabam jeung Raja Yarobam sapanjang jarumenengna teu eureun-eureun silih perangan.

31

Sanggeus Raja Rehabam pupus jeung dikurebkeun di Kota Daud, karajaanana diteruskeun ku Abiam, putrana.

Link: